Indahnya BERBAGI

Kamis, September 10, 2009

RAMADHAN 1430 H.


KATRESNA
(Waktu Nyosore, Senen : 10 September 2009 – 17.00)

Keclakna cai hujan dina kusen panto hareup
Dibarengan ku hiliwirna angin ngendagkeun kembang sapatu
Karasa simpe mempende hate, ngageuingkeun lamunan mangsa katukang
Mangsa kuring ngasaan nikmatna alam lalajangan

Geulis…katresna hate akang moal la’as katinggang jaman
Rengkak paripolah anjeun ngalangkang dina sawangan
Lamun mah alam baheula bisa diputerkeun deui
Tangtu urang babarengan ngaraga sukma dina kabagjaan anu nyata
Lamunan hate nu teu sulaya jeung agama
Nganaha-naha … Naha takdir ti manten-Na bet kieu???
Takdir teu bisa meungkeut kanyaah hate urang dua’an
Padahal geus leubeut dina diri akang … keur anjeun sagalana

Kiwari ngan saukur lamunan …
Rengkak paripolah anjeun leungit taya banusanana
Anjeun pasti geus tumaninah jeung kingkilaban hate anu sajati
Nya kitu deui akang … urang silih du’akeun geulis ….
Mudah-mudahan Allah SWT mukakeun lawang taubat pikeun urang
Ngahampura dosa jeung kasalahan anu pernah dipilampah … amiin.

0 komentar: